osdir.com
mailing list archive
Mozy Online Backup: 2GB Free. Automatic. Secure.

Subject: Terorisme Di Indonesia....ngobrol bari naglindur.... - msg#00341

List: culture.region.indonesia.sunda

Date: Prev Next Index Thread: Prev Next Index
Sampurasun,

Terus terang sabenerna mah geus bosen ngomongkeun perkara Terorisme
teh..., tapi ieu mah sakadar hanteu.....

Ceuk cenah, tokoh-tokoh (inohon) anu jadi lulugu terorisme di nagara
urang teh asal muasalna ti nagara tatngga (Malaysia) anu ngajalankeun
aksina di nagara urang. Tatapi anu jadi anehna teh naha nagara urang
anu dituduh sabage nagara teroris? padahal boa, dina ayana oge bangsa
urang anu jadi ulon-ulon terorisme teh ngan saukur kadorong ku
iming-iming duit..(anu lain saeutik da nandonkeun nyawa), ma'lum
inohongna oge, model DR. Azhari, teh pan lain jalma jore-jore dina hal
kahirupan materina teh, acan sokongan (suntikan) dana ti anu lianna
(cenah aya nagara anu ngarojong gerakan terorisme), ceuk cenah eta oge....

Lamun ditilik2 mah nagara urang (ka asup umat Islam di Indoensia
umumna) sabenerna mah leuwih pas lamun disebut korban terorisme anu
dilakukeun ku maranehna...!!!, lain pelaku. Ngan teu wani we ari kudu
nyebutkeun (nuduh) yen nagara tatangga sorangan anu ngarojong tur
ngahaja "ngirim" DR. Azhari ka Indoensia...., da geuning lain rusiah
deui eta nagara tatangga teh sok ngeleketek nagara urang Indonesia)..,
teuing naon maksudna....(?). Mungkin bae dina raraga perang ekonomi
global, supaya investor asing teu katarik pikeun asup jeung melak
inpestasina di Indoensia...(????)

Kusabab nagara Indonesia teh nagara anu pendudukna plural, utamana
dina sisi agama. Kusabab kitu "isu" perang agama anu make isu
fundamentalisme, jeung kusabab di Indoensia kungsi ngalaman sajarah
"DI/TII" jeung sajenisna, eta isu teh dijadikeun tameng pikeun nutupan
isu-isu politik-ekonomi anu jadi latarna....(????)

Ahhhh..ketang eta mah sakadar MEUREUN....... rumasa lain ahlina.

AG./bdg.








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]


Was this page helpful?
Yes No
Thread at a glance:

Previous Message by Date: click to view message preview

Re: Sunda=Islam ?

Sampurasun Neng Sonie..... Wilijeng tepang deui sareng sim kuring.....kumaha damang? "Salah adalah Pintu untuk memasuki Kebenaran", kitu tah cenah teh Sonie ceuk kasauran para filosof-mah..... Unggal jalma bakal ngalaman pangalaman anu munggaran, ari soal salah mah da geus jadi ciri jalma, nya kitu oge dina benerna; rek kolot rek budak, rek anu geus pinter rek anu taram-taram, lelengkah halu......; pernah salah, pernah bener, pernah bisa pernah teu bisa. Taya anu teu ngalaman. Seperti kasauran Kang Rahman, Kang Oman jeung anu senesna, insya-allah bakal pada ngarojong....., silih rojong silih asah, silih asih, silih asuh.......; sabeungkeut saigel sapihanean.....(bener hanteunya babasan teh? (hikhik)---Ari nyanghareupan anu geulis teh sok sarwa salah...!! dasar aki-aki kolot kumaneh......beuki kolot beuki pikaresepeun boeh....... --> 1. Ari Sunda teh leres = Islam? ; Lamun bener, tidak apa-apa, apa kira-kira latar belakangnya? Sunda teu sami sareng Islam. Ari Sunda hiji ngaran etnik jeung sagala hal anu ngeunaan etnik Sunda. Bisa basa, budaya, falsafah jrrd (dsb). Sedengkeun ari Islam agama (neng Sonia oge tangtos terang, hehehe). Sedengkeung hubungan antara Sunda sareng Islam, eta mah pedah Urang Sunda umumna ngagem agama islam, jeung (ceuk cenah) loba falsafah jeung nilai-nilai (ajen-inajen) budaya Sunda anu sapagodos jeung nilai-nilai Islam; bener hanteuna urang sanggakeun bae ka ahlina.... Memang pernah jadi bukur catur (wacana) di media masa atawa obrolan saliwatan ngeunaan eta masalah. Bule hideungna mah nya biasa: pro-kontra.... teu perlu dibahas di dieu.... Janten kitu tah numutkeun papndang simkuring mah......, sakali deui bener/salahna mah urang pasrahkeun deui bae ka ahlina..., kumaha tah Kang Rahman, Kang Oman, jeung Akang-akang anu senesna? tong digeuhgeuykeun papandang kuring......., tapi dikritik mah kudu... bisi sim kuring salah...... Sedengkeun perkawis Basa Sunda....eta sim kuring moal ngenklokkan, lain ngan saukur bisi salah..., tapi memang teu apal..??? Neng Sonia iraha ka UIN deui? tong pundungnya pedah teu disuguhan.. hehe.. Salam... AG./bdg. --- In Baraya_Sunda@xxxxxxxxxxxxxxx, "sonia_virgie" <sonia_virgie@xxxx> wrote: > > > Salam ker sadayana Baraya Sunda... > > Aduh..nuhun ka kabeh (semua) akang-akang jeng teteh-teteh Baraya > Sunda; Kang Rahman, Kang Oman, Kang Pituin, Kang Waluya, pokona mah > sadayana saja.... anu geus mere kasempetan ka abdi untuk aktif di > milis Baraya Sunda...... > > Sonia mau coba make bahasa Sunda, tapi ulah di ketawakan nya? bae > campur-campur juga nya? jeng pasti loba salahnya!! (puten) > > Akang-akang, abdi boga pertanyaan.... : > 1. Ari Sunda teh leres = Islam? ; Lamun bener, tidak apa-apa, apa > kira-kira latar belakangnya? > > 2. naon sebabnya bahasa Sunda berbeda2 tidak sepeti bahasa Indoensia > atau Inggris? > > Itu aja kang, keur saat ini.... > > Salam, > > SoVie > > > > > Salam > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]

Next Message by Date: click to view message preview

Re: Sunda=Islam ?

> From: "sonia_virgie" <sonia_virgie@xxxxxxxxxxx> > Salam ker sadayana Baraya Sunda... > 1. Ari Sunda teh leres = Islam? ; Lamun bener, tidak apa-apa, apa > kira-kira latar belakangnya? > > 2. naon sebabnya bahasa Sunda berbeda2 tidak sepeti bahasa Indoensia > atau Inggris? > Haturan Teh Sonia Virgie, tah geuning tiasa nyerat dina basa Sunda. Patarosan Teh Sonia perkawis Sunda = Islam, parantos dijawab ku Kang Gibson. Tapi sakedik kuring mairan pedah saur kang Gibson yen umumna urang Sunda agamana Islam. Kasauran Kang Gibson, memang leres kitu, tapi Islam di Sunda tetep we seueur warna lokalna, nu moal kapendak di Islam nu "asli"na. Sapertos tradisi dina ngarayakeun lebaran (idul Fitri) : "mudik", maaf-maafan, Halal bi halal, nyekar ka kuburan, nabeuh bedug malem takbiran jrrd. Kitu deui dina sunatan, urang sunda sok ngayakeun pesta (pestana disebut ngariakeun). Seueur kasenian Sunda nu sok ditanggap dina acara sunatan ieu, jiga wayang golek, jaipongan jrrd. Malah di lembur kuring mah aya kasenian khusus keur acara sunatan nyaeta kuda renggong. Kitu deui di Subang aya kasenian nu disebut sisingaan, di dareah Pantura aya kasenian "burakan". Ieu nunjukkeun kumaha kuatna hubungan urang Sunda jeung Islam. Umpamana wae, urang Sunda pararindah agama, nu pangheula protes, sanes wae kaum ulama tapi oge .....hehehehe..... tukang kuda renggong, sisingaan, dalang wayang golek jeung kasenian-kasenian Sunda nu sanesna deui. Kasenian supaya tetep "survive", pan kedah aya nu nanggap jeung mayar sanes? Perkawis patarosan basa Sunda benten-benten, teu jiga Bahasa Indonesia/ Inggris, maksadna dialek kitu atawa undak-unduk Basa (Basa Halus basa Kasar)? keun engke ngajawabna upama patarosanana parantos jelas. Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]

Previous Message by Thread: click to view message preview

Sunda=Islam ?

Salam ker sadayana Baraya Sunda... Aduh..nuhun ka kabeh (semua) akang-akang jeng teteh-teteh Baraya Sunda; Kang Rahman, Kang Oman, Kang Pituin, Kang Waluya, pokona mah sadayana saja.... anu geus mere kasempetan ka abdi untuk aktif di milis Baraya Sunda...... Sonia mau coba make bahasa Sunda, tapi ulah di ketawakan nya? bae campur-campur juga nya? jeng pasti loba salahnya!! (puten) Akang-akang, abdi boga pertanyaan.... : 1. Ari Sunda teh leres = Islam? ; Lamun bener, tidak apa-apa, apa kira-kira latar belakangnya? 2. naon sebabnya bahasa Sunda berbeda2 tidak sepeti bahasa Indoensia atau Inggris? Itu aja kang, keur saat ini.... Salam, SoVie Salam ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]

Next Message by Thread: click to view message preview

Re: Terorisme Di Indonesia....ngobrol bari naglindur....

Haturan kang AG, Rumaos kuring oge sanes ahlina, mung bade ngupahan maneh we sareng ngiluan ngobrol bari ngalindur. Pangemut kuring mah nu ngarana politik teh "Sungguh kejam !!!", teu di jero nagara, bilateral atanapi multilateral sanajan make kedok 'bantuan' angger ujung-ujung na mah aya 'kapentingan politik'. Ayeuna umpama aya kapetingan politik (ekonomi) ti nagara tatanggi (MAL), kumaha mun di hubungkeun politik nagara tatanggi nu sejen (AUS), nu kacida 'berperana' dina lepasna timor leste. Karunya nya lemah cai urang teh, pada hayang, pada moro, ku jalan ngajejeleh, 'ngambing hideungkeun'(naon sundana "Kambing hitam"?). Tapi urang (ka asup pamerentah!!!) anggeur we teu walakaya di kitu kieu teh. DJ, --- In Baraya_Sunda@xxxxxxxxxxxxxxx, "Lodaya" <kang_gibson@xxxx> wrote: > > Sampurasun, > > Terus terang sabenerna mah geus bosen ngomongkeun perkara Terorisme > teh..., tapi ieu mah sakadar hanteu..... > > Ceuk cenah, tokoh-tokoh (inohon) anu jadi lulugu terorisme di nagara > urang teh asal muasalna ti nagara tatngga (Malaysia) anu ngajalankeun > aksina di nagara urang. Tatapi anu jadi anehna teh naha nagara urang > anu dituduh sabage nagara teroris? padahal boa, dina ayana oge bangsa > urang anu jadi ulon-ulon terorisme teh ngan saukur kadorong ku > iming-iming duit..(anu lain saeutik da nandonkeun nyawa), ma'lum > inohongna oge, model DR. Azhari, teh pan lain jalma jore-jore dina hal > kahirupan materina teh, acan sokongan (suntikan) dana ti anu lianna > (cenah aya nagara anu ngarojong gerakan terorisme), ceuk cenah eta oge.... > > Lamun ditilik2 mah nagara urang (ka asup umat Islam di Indoensia > umumna) sabenerna mah leuwih pas lamun disebut korban terorisme anu > dilakukeun ku maranehna...!!!, lain pelaku. Ngan teu wani we ari kudu > nyebutkeun (nuduh) yen nagara tatangga sorangan anu ngarojong tur > ngahaja "ngirim" DR. Azhari ka Indoensia...., da geuning lain rusiah > deui eta nagara tatangga teh sok ngeleketek nagara urang Indonesia).., > teuing naon maksudna....(?). Mungkin bae dina raraga perang ekonomi > global, supaya investor asing teu katarik pikeun asup jeung melak > inpestasina di Indoensia...(????) > > Kusabab nagara Indonesia teh nagara anu pendudukna plural, utamana > dina sisi agama. Kusabab kitu "isu" perang agama anu make isu > fundamentalisme, jeung kusabab di Indoensia kungsi ngalaman sajarah > "DI/TII" jeung sajenisna, eta isu teh dijadikeun tameng pikeun nutupan > isu-isu politik-ekonomi anu jadi latarna....(????) > > Ahhhh..ketang eta mah sakadar MEUREUN....... rumasa lain ahlina. > > AG./bdg. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/LeSULA/FpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM --------------------------------------------------------------------~-> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Sign up for updates to this mailing list. email:
Loading Comments...
Home | News | Patents | Sitemap | FAQ | advertise

Advertising by