logo       

Re: Dongeng ti FR kidul: msg#00352

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: Dongeng ti FR kidul

Haturan Baraya,

Rek nurutan Kang Wly, ngadongeng ah. Pedah bae sok inget... Kang W teh
resep kana jaman pra sejarah, sanes kitu Kang? Bieu teh nembe hol pisan
balik ngalanglang jeung barudak. FR kidul katelah surgana artefak
titinggal jalma kuno (utamana mah mimiti mucunghulna homo sapiens). Bieu
teh tos ningali lukisan guha anu dijieun kira2 17.000 taun ka tukang.
Hanjakal teu bisa nempo aslina, ieu mah copy na anu identik (Lascaux
II), sabab guha anu asli mah ditutup sanggeus katohyan yen balawirina
jalma di ieu situs ngaruksak gambar. Guha anu asli (Lascaux I) ngan ukur
bisa dilongok ku para ahli jeung panalungtik wungkul. Luar biasa Kang,
geuning jalma kuno teh geus boga konsep2 anu kaitung moderen, da eta
gambar teh siga hirup jeung ngandung ajen seni anu alus. Gambar2 anu
dijieun teh lolobana mah hewan sabangsa kuda, banteng, bison, uncal,
embe gunung jeung aya gambar jelema, aya nu make sawarna wungkul
(hideung) oge aya nu make tilu warna (hideung, koneng jeung beureum).
Lian ti gambar, aya oge anu mangrupa goresan2 anu mangrupa simbol2. Asup
ka ieu guha untung na make pemandu basa Linggis, jadi bisa nuturkeun
carita na.

Taun katukang kungsi ningali situs asli sarupa di tempat sejen, jero
pisan guhana oge dan kudu make kareta listrik sagala. Poek mongkleng
jeung tiis kacida (kira2 12 darajat C). Ngan hanjakal di ieu situs mah
gids na ngawakwak make basa FR wungkul, basa FR kuring tea apan ripuh
geuning...!

Isukan geus jangji ka barudak (karcisna mah geus disakuan he he he) rek
ningalian guha sejenna deui. Da enyaan pabalatak geuning.... Keun engke
urang dongengkeun deui.

Sakadar info, ieu aya linkna. Punten tacan dilongokan eusina:

www. leseyzies.com/grottesornées
www.grandroc.com
www.semitour.com
www.sites-en-perigord.com

Wilayah tempat ayana saung kuring:

http://www.best-of-perigord.tm.fr/basics/anglais/anglais.html
http://www.best-of-perigord.tm.fr/communes/pnoiruk.html

Tah ieu saung kuring teh he he he... wani2 ngaku2 nu batur ;))

Baktos,

Rahman
Hautefort, FR Kidul




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
<font face=arial size=-1><a
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hnhnmc3/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705329729:TM/Y=YAHOO/EXP=1122743451/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>DonorsChoose.
A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in
public schools. Fund a student project in NYC/NC today</a>!</font>
--------------------------------------------------------------------~->

Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise