logo       

Dongeng ti Bayah Banten: msg#00345

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Dongeng ti Bayah Banten

Kuring tas "piknik" ti Bayah Banten. Bayah ayana di basisir kidul
propinsi Banten, ngan 60 km ti Palabuhan Ratu Sukabumi ka arah
kulon, tapi jalan antara Palabuhan Ratu tepi ka Bayah ngan alusna
teh tepi ka Cibareno, tapel wates Kabupaten Sukabumi jeung
kabupaten Lebak Banten. Ti Cibareno tepi ka Bayah jalanna goreng
pisan, aspalna tinggal saeutik nu sejen tinggal batuna. Atuh
sajajalan teh kagojlog, tapi kahibur ku pamandangan anu endah
pisan, laut kidul (teluk Pelabuhan Ratu) katempo ti jalan nu
arula-arileu, ngaplak bulao, bah sisina semu hejo.

Bayah, kota kacamatan di Kabupaten Lebak ayana di pertelonan
jalan ka Pelabuhan Ratu, Jalan ka Cikotok jeung jalan ka
Malingping. Urang Bayah nyariosna ku Basa Sunda, ngan lentongna
beda jeung urang Bandung. Urang Bayah hirupna tina tatanen,
pamayang jeung ........jadi tukang ngali batubara. Di Bayah aya
batubara ngan cadanganana leutik, jadi ukur diusahakeun ku
tambang Rakyat. Tambang batubara rakyat ayana di pasir-pasir nu
luhur pisan. Urang dinya ngala batubara, ngaliang dina lereng
pasir, baluligir, awakna hararideung pinuh ku mehong batubara. Nu
kuring kaget maranehna asup kana liang, ngalian batubara, make
lampuna teh lain lampu senter tambang (lampu senter nu
dibeungkeutkeun kana sirah) tapi ku lilin!. Ku kuring ditanyakeun
teu bahaya eta teh, kumaha lamun aya gas methan? ah acan kajadian
cenah aya gas terus kahuruan di jero liang. Kuring ukur
unggeuk-unggeukan, maklum tambang rakyat tara teu mikir
kasalametan.

Hiji pangalaman nu moal dipohokeun, kuring tigulitik tina ojeg.
Maklum awak kuring beurat teuing ( moal dibejakeun ....ah), pas
jalan turun pisan, tukang ojegna kadedetkeun ku kuring, teu bisa
ngerem, atuh ......tigurintil, untung euweuh batu, lamun aya batu
mah jigana teh, kuring balik digotong .....hehehehe.

Di bayah sok aya urang bule ulin, sanajan jalan sakitu gorengna
teh, ngadon selancar (surfing) di Tanjung layar. Cenah mah tanah
dideukeut tanjung layar geus dibaereulian ku urang kota, engkena
rek dijieun villa-villa (ayeuna mah acan aya). Jigana mah
kahareup Bayah bakal jadi kota jugjugan wisata sabab panorama
basisirna masih asli, teu jiga Palabuhan Ratu atawa Pangandaran
anu kacirina teh beuki dieu beuki "kumuh"!

Baktos,
WALUYA







Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise