|
Re: Siaran radio...: msg#00342culture.region.indonesia.sunda
Assalamu alaikum, Tangtos di Brusel mah kanggo anu jaregud panginten, eta oge harita bubuhan ditraktir we, ari kudu mayar mah, kajeun puasa we. Leres di AU mah teu asa di nagari deungeun, kumargi dugi ka jengkol, iwung oge aya. malah sakapeung mah di toilet di tempat kuli oge mani sok raribut toiletna bau cenah(ngan teu ngalartieun bau naon...), sim kuring mah ngan ukur seuri we di jero hate, kop...siahhhh. tangtu bau jengkol/peuteuy,da rumasa moal nu lian iwal ti sim kuring.kacidanya. Muhun di AU mah magrib teh tabuh 530, mung subuh 605.Asa ku nikmat murak timbel ngan panginten mungkusna teu ku daun caunya? atos heula cag ah..wilujeng Petra Syaifoel <syaifoel@xxxxxxxxxx> wrote: Dede Ruhiyat wrote: Haturan Kang Dede, Hujan geuning Kang tos dua dinten, najan teu parat oge. Biasana mah sontenan lah mimiti hujan (angin) deuih. Caang keneh tabuh 10 wengi teh. Sigana mah di AU mah langkung enggal poek ayeuna teh nya. Di palih mana nya eta restoran teh, caket passage kitu? Wah Kang, Brussel teh pakepuk ayeuna mah, sareng deui mahal kacida. Ari anu jadi sabab na mah eta apan jadi indung kota na UE tea. Pinuh ku kantor2 UE jeung NATO, tah pagawe ieu dua organisasi teh apan gajih na gegeblégan, jadi weh harega2 nanjeur... Keur jelema leutik siga kuring mah jadi ripuh he he he. Lamun ka Brussel mah sok beberengkes we babawaan sabangsaning timbel, lauk asin jeung lalab na he he he....terus murak timbelna di taman kota... Keun bae dilalajoan batur oge... Punten wae Kang, kuring mah tara ka restoran Indonesia. Sanes teu resep, ngan duka kumaha tara sugema geuning, asa lain dahar kadaharan IND, eta meureun rasa na disaluyukeun jeung publik kitu? Lian ti kitu di NL mah biasana teh restoran IND teh nyampur jeung China, teu pararuguh! Kuring mah biasana sok resep masak sorangan masakan IND mah, lain bisa mah ngan resep wungkul... Di AU seueur restoran IND deuih? >Rahman >Hautefort, FR > > > Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "Baraya_Sunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: Baraya_Sunda-unsubscribe@xxxxxxxxxxxxxxx Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea |
|
| <Prev in Thread] | Current Thread | [Next in Thread> |
|---|---|---|
| Previous by Date: | Re: Balasan: Re: Balasan: Re: Balasan: Re: kadaharan jeung urang walanda: 00342, kumincir |
|---|---|
| Next by Date: | Re: aya kongres---Re: Balasan:: 00342, Dede Ruhiyat |
| Previous by Thread: | Re: Siaran radio...i: 00342, Petra Syaifoel |
| Next by Thread: | Re: kadaharan: 00342, Petra Syaifoel |
| Indexes: | [Date] [Thread] [Top] [All Lists] |
| News | FAQ | advertise |