logo       

Re: kadaharan(borongan...): msg#00340

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: kadaharan(borongan...)

dicky muharam wrote:


>Abdi rumasa rada bodo gening kana basa sorangan teh
>teu apal ngagunakkeun keur batur atawa keur sorangan,
>matak padu maca we da ari nimbrung mah bisi salah
>kecap. hehehe...
>
>
>
Kang Dick,

Lah perkara basa mah tong salempang Kang, prung bae... keun bae keur
batur dipake ku sorangan atawa tibalik oge he he he. Da sarerea oge
ngartieun ieuh atuh, ngan kade we tong dicampuran basa Batak, nu ieu mah
jadi lieuuurr. Heureuy Kang...

Kuring ge keur diajar Kang. Basa Sunda kuring ge ripuh pisan lah, ieu ge
neger2 maneh we. Lamun aya nu teungartieun mah pasti ngaracung lah!

Cutat ti Kang Asep:

urang walanda wae barisaeun jeung ngalarti kana dongeng urang sunda, leres kitu
kang rahman?

Kang Asep,

Duka tah, can kawenehan aya urang NL anu bisa nyarita BS. Ketah aya hiji prof
di Leiden anu bisaeun BS, ngan geus pangsiun ayeuna mah. Ketah loba sarjana NL
perkara Sunda, ngan eta mah generasi kuda ngegel beusi. Hanjakal Kang, BS mah
kurang dipikawanoh. Komo generasi anyar mah. Malah urang NL ngangka kuring teh
urang Jawa we, pedah ti pulo Jawa kitu? Lamun aya kenalan anyar, kudu we
nerangkeun deui yen kuring mah Sunda lain Jawa!

baktos,

Rahman
Hautefort, FR





Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise