|
Re: Siaran radio...: msg#00338culture.region.indonesia.sunda
Dede Ruhiyat wrote: Haturan Kang Dede, Hujan geuning Kang tos dua dinten, najan teu parat oge. Biasana mah sontenan lah mimiti hujan (angin) deuih. Caang keneh tabuh 10 wengi teh. Sigana mah di AU mah langkung enggal poek ayeuna teh nya. Di palih mana nya eta restoran teh, caket passage kitu? Wah Kang, Brussel teh pakepuk ayeuna mah, sareng deui mahal kacida. Ari anu jadi sabab na mah eta apan jadi indung kota na UE tea. Pinuh ku kantor2 UE jeung NATO, tah pagawe ieu dua organisasi teh apan gajih na gegeblégan, jadi weh harega2 nanjeur... Keur jelema leutik siga kuring mah jadi ripuh he he he. Lamun ka Brussel mah sok beberengkes we babawaan sabangsaning timbel, lauk asin jeung lalab na he he he....terus murak timbelna di taman kota... Keun bae dilalajoan batur oge... Punten wae Kang, kuring mah tara ka restoran Indonesia. Sanes teu resep, ngan duka kumaha tara sugema geuning, asa lain dahar kadaharan IND, eta meureun rasa na disaluyukeun jeung publik kitu? Lian ti kitu di NL mah biasana teh restoran IND teh nyampur jeung China, teu pararuguh! Kuring mah biasana sok resep masak sorangan masakan IND mah, lain bisa mah ngan resep wungkul... Di AU seueur restoran IND deuih? >Rahman >Hautefort, FR > > > Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea |
|
| <Prev in Thread] | Current Thread | [Next in Thread> |
|---|---|---|
| Previous by Date: | Balasan: Re: Balasan: Re: Balasan: Re: kadaharan jeung urang walanda: 00338, dicky muharam |
|---|---|
| Next by Date: | Re: dongengeng: 00338, Petra Syaifoel |
| Previous by Thread: | Re: Siaran radio...i: 00338, Dede Ruhiyat |
| Next by Thread: | Re: Siaran radio...: 00338, Dede Ruhiyat |
| Indexes: | [Date] [Thread] [Top] [All Lists] |
| News | FAQ | advertise |