logo       

Re: Siaran radio...: msg#00332

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: Siaran radio...

Kang Rahman,

Kumaha wartos vakansina?mugi wae sing narikmat. Sim kuring bade tumaros manawi
uninga, basa sim kuring nyaba ka Brussel kantos jajan di lestoran "Rajawali"
ari nu gaduhna teh sinyo mung kalahiran jalan malabar Bandung, nya basa sim
kuring kadinya teh nyanehna ngobrol kaditu kadieu,itung-itung nostalgia cenah,
malihma dugi ka ngadongeng jaman NIROM sagala (cikal bakal RRI Bandung) BS na
mani eces keneh, malih mah kantos nyebat nami anu kantos ngeusi acara di RRI
Bandung diantawisna mang Uking Sukri (alm?).

Petra Syaifoel <syaifoel@xxxxxxxxxx> wrote:
Setiawan wrote:

>Haturan Kang Rh..,
>Wilujeng sonten kasadayana kadang wargi....
>
>usum naon tah didinya...mani liburan wae geuing...jadi sirik yeuh..
>
>

Haturan Kang Stw,
Wah make kudu sirik sagala he he he. Kuring mah puguh kudu sirik mah.
Can cumpon hayang indit ka Jepun jeung China, karek niat wungkul, kabita
puguh... tapi embung ah disebut sirik mah ketah ;)). Duka keur nunggu
naon ieu teh, keun engke oge bakal cunduk waktuna jeung aya milikna lah nya.

Kabeneran Kang kuring boga saung di FR kidul, jadi sataun sakali mah
kapaksa kudu dilongokan. Kamari oge sababaraha poe mah sibuk we
burus-beres, jukut ngajejembrung kudu dibabadan, loba tangkal harieum
tutuhaneun. Pager oge loba benerkeuneun, can kaburu deuih. Ieu saung teh
geus umuran Kang, ceuk beja mah umurna teh 300 nepi ka 400 taun! Teu aya
nu nyahoeun pastina mah, ngan lamun nilik arsitekturna mah jelas
saluhureun 300 taunan, da eta kandel 'dinding' (naon BS na nya, 'bilik'
kitu?) na oge aya kana sameterena mah. Ripuh lamun kudu nyieun liang
jang ledeng atawa keur kabel listrik!!!

Kang, perkara input BS mah kuring oge sarua kitu. Baheula deukeut imah
aya toko buku anu sok nyewa2keun buku komik jeung Kho Ping Ho, oge buku2
Sunda anu disebut tea. Tah ku anu kitu diajar maca teh. Ngan hanjakal
eta toko teh euweuh nu neruskeun sigana mah, da ayeuna mah jualan
barang2 biasa wungkul. Tilu taun katukang, waktu kuring ka lembur kungsi
tepung jeung anu boga eta toko. Ku kuring harita teh koleksi buku2 Sunda
na diborong kabeh, da eta mani numpuk digudang teu diurus. Ngan hanjakal
teu katulungan Kang, lolobana ancur geuning... jadi teu bisa dibawa ka
NL. Lebar puguh!!!

Sakieu heula bae dongengna, ke nyambung deui.

Rahman
Hautefort, FR





Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea



---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS


Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.

To unsubscribe from this group, send an email to:
Baraya_Sunda-unsubscribe@xxxxxxxxxxxxxxx

Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.


---------------------------------



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise