|
Re: Siaran radio...: msg#00330culture.region.indonesia.sunda
Setiawan wrote: >Haturan Kang Rh.., >Wilujeng sonten kasadayana kadang wargi.... > >usum naon tah didinya...mani liburan wae geuing...jadi sirik yeuh.. > > Haturan Kang Stw, Wah make kudu sirik sagala he he he. Kuring mah puguh kudu sirik mah. Can cumpon hayang indit ka Jepun jeung China, karek niat wungkul, kabita puguh... tapi embung ah disebut sirik mah ketah ;)). Duka keur nunggu naon ieu teh, keun engke oge bakal cunduk waktuna jeung aya milikna lah nya. Kabeneran Kang kuring boga saung di FR kidul, jadi sataun sakali mah kapaksa kudu dilongokan. Kamari oge sababaraha poe mah sibuk we burus-beres, jukut ngajejembrung kudu dibabadan, loba tangkal harieum tutuhaneun. Pager oge loba benerkeuneun, can kaburu deuih. Ieu saung teh geus umuran Kang, ceuk beja mah umurna teh 300 nepi ka 400 taun! Teu aya nu nyahoeun pastina mah, ngan lamun nilik arsitekturna mah jelas saluhureun 300 taunan, da eta kandel 'dinding' (naon BS na nya, 'bilik' kitu?) na oge aya kana sameterena mah. Ripuh lamun kudu nyieun liang jang ledeng atawa keur kabel listrik!!! Kang, perkara input BS mah kuring oge sarua kitu. Baheula deukeut imah aya toko buku anu sok nyewa2keun buku komik jeung Kho Ping Ho, oge buku2 Sunda anu disebut tea. Tah ku anu kitu diajar maca teh. Ngan hanjakal eta toko teh euweuh nu neruskeun sigana mah, da ayeuna mah jualan barang2 biasa wungkul. Tilu taun katukang, waktu kuring ka lembur kungsi tepung jeung anu boga eta toko. Ku kuring harita teh koleksi buku2 Sunda na diborong kabeh, da eta mani numpuk digudang teu diurus. Ngan hanjakal teu katulungan Kang, lolobana ancur geuning... jadi teu bisa dibawa ka NL. Lebar puguh!!! Sakieu heula bae dongengna, ke nyambung deui. Rahman Hautefort, FR Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea |
|
| <Prev in Thread] | Current Thread | [Next in Thread> |
|---|---|---|
| Previous by Date: | Re: Balasan: Re: kadaharan: 00330, Petra Syaifoel |
|---|---|
| Next by Date: | Re: Siaran radio...: 00330, Dede Ruhiyat |
| Previous by Thread: | Re: Siaran radio...i: 00330, Setiawan |
| Next by Thread: | Re: Siaran radio...: 00330, Dede Ruhiyat |
| Indexes: | [Date] [Thread] [Top] [All Lists] |
| News | FAQ | advertise |