logo       

Re: Siaran radio...: msg#00327

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: Siaran radio...

Haturan Kang Rh..,
Wilujeng sonten kasadayana kadang wargi....

usum naon tah didinya...mani liburan wae geuing...jadi sirik yeuh..
Kang Rh.., jujur wae kuring mah leuwih ngarti kana bahasa sunda teh
tisaprak baheula resep dongeng..jeung acara sunda..komo dina siaran RRI-bdg
baheula kaasup mindeng pisan...plus oge wacana wayang ..anu ngabahas jejer
carita wayang
anu diluyukeun jeung sikep hiji-hijina wayang....lamun teusalah unggal malem
kemis baheula mah..
tah lamun ngahaja macamah jigana hese..tapi lamun tina dongeng mah ..
teu sacara langsung urang bisa ngabedakeun mana basa kasar mana basa lemes..
atawa mana bahasa anu pantes keur diri sorangan...
Matak lamun ayeuna dongeng eta leungit...lebar pisan kang....
sabab loba pisan pangaruhna ( meureun anu gorengna oge aya lin )
tapi dina cara make basamah kacida alusna....
Baheula dongeng sibuntung , haur koneng, wesi kuning, sijago gunung
tampomas, Balati demit, jurug cironge
nurelah ( nepi kaaya sapatu nurelah lin..) jeung sajabana....
anu kadieukeunmah...si dongeng teh dibawakeuna kurang merenah dina rasa basa
sunda...
da baheulamah asa karasa pisan sikap kasundaana teh...( hampura ieu rarasaan
sorangan )
lamun carita sunda ti sirawing kadieukeun mah...kurang resep jadi tara
merhatikeun deui...
Baheula Kang di RRI -Bdg teh aya acara husus lamun dina BI mah acara dongeng
lepas meureun...
tah ieu acara teh sok ngabahas pangalaman diri....situkang mawakeun teh
lalaki tah..
ih kugenah pisan basa rasa sunda na teh karasa..pisan...( duka tah ayeuna
jiga tos hiber oge...)
Tah kitu kang..bisa nganilai kieu teh pedah..meureun kondisi ayeuna
beda..jadi rada bisa
ngarasa...yen rasa basa teh memang jadi ciri nu utama...

Cag Ah..
wasallam
setiawan-Kwgoe




----- Original Message -----
From: "Petra Syaifoel" <syaifoel@xxxxxxxxxx>
To: <Baraya_Sunda@xxxxxxxxxxxxxxx>
Sent: Wednesday, July 27, 2005 3:18 PM
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Siaran radio...


> Setiawan wrote:
>
> >atanapi sok ditampilkeun oge dina calung...ngarupakeun
> >bojeganna...dakapungkurmah jujur we resep pisan
> >kanu kararitu teh... tah kumaha naha masih aya acarana kitu ayeuna...?
> >
> >
> >
> Kang Stw,
>
> Sigana mah bororaah anu kitu, dalah berita dina BS oge ceuk beja mah
> geus taya di kieuna. Ah beja mah sok béjé ketah, duka enya duka
> henteu... mun bisa mah urang usulkeun ku sarerea sangkan RRI (Bdg)
> ngayakeun deui acara2 anu make BS. Malah baheula mah loba siaran radio
> swasta anu ngokolakeun dongeng (pasosore) make BS. Aya keneh kitu siaran
> siga kieu?
>
> Rahman
> Hautefort, FR
>
>
>
>
> Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
Baraya_Sunda-unsubscribe@xxxxxxxxxxxxxxx

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/

<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise