logo       

Siaran radio bab nyieun combro jeung ngurus budak: msg#00324

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Siaran radio bab nyieun combro jeung ngurus budak

Baraya,
Di sisi lembur, hiji waktu Mang Dori jeung Bi Enjum keur miresepkeun siaran
pkk tina radio bab nyieun combro. Kusabab siaran ti radio komunitas (rakom)
anu keur meujeuhna maceuh, gelombang siuaran teh mindeng ngarangkep. Harita
oge siaran pkk bab nyieun combro teh ngarangkep jeung siaran pkk bab ngurus
budak ti radio anu hiji deui.
Mimitina mah siaran teh lancar kaharti saperti biasa, tapi lila-lila
kulantaran patembalan jadi teu puguh. Kieu geura siaran radio rangkep anu
katarima ku Mang Dori jeung Bi Enjum teh:
"................para wargi sadaya...dinten ieu urang ngaguar bab nyieun
combro......", ceuk radio nu kahiji. "Para wargi sadaya...dinten ieu urang
ngobroikeun soal ngurus budak...ti mimiti ngamandian budak nepi ka
nyusuanana....", ceuk radio nu hiji deui. "Ngawitan...sayogikeun sampeu
sacukupna....", ceuk radio nu kahiji. "Ngawitan, siapkeun cai haneut kuku
dina baskom bari murangkalihna diajak ulin heula...dioconan", ceuk radio nu
hiji deui. "Teras...dipesek", ceuk radio nu kahiji. "Saparntos
sayogi...teras dilaan bajuna", ceuk radio nu hiji deui. "Tos kitu teras
ditutuan nepi ka lembut".....teras bae diwasuh heula ku cai
haneut........"Tos lembut mah diemple-emple bae"..........."Teras disabunan
sing rata....."..........."teras bae dilebetan oncom
sacukupna...."........"Teras dikeueumkeun bari digosokan lalaunan, kade ulah
dikerelepkeun.....". Kitu eta siaran ti dua radio patembalan. Mang Dori
jeung Bi Enjum mimiti ruangah-ringeuh bari olohok.
"Saparantos diocoman....siapkeun panggorengan...minyakan jeung ageungan
seuneuna....anu tos dioncoman jejerkeun"......"tos rada lami mah teras bae
diandukan....."....."saterasna adonan teh dilebetkeun kana panggorengan
hiji-hiji....."..............."teras didapangkeun, baluran ku kayu putih
jeung bedak...........".............."ngagorengna sing asak.........kade
tutung teuing............" .
Antukna jetrek bae radio teh dipareuman......da Mang Dori jeung Bi Enjum
pusingeun.
----------
Bahan: siaran RRI baheula.
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise