logo       

"American Style" jeung SCAAB di Kota Bandung: msg#00323

culture.region.indonesia.sunda

Subject: "American Style" jeung SCAAB di Kota Bandung

Baraya,
Warta ngeunaan "selimut cinta ala abg Bandung" (scaab) dina koran Pos Kota
anu diposting ku Kang Ganjar kamari ieu, nguatkeun beja ti babaturan poe
saptu kamari ngeunaan mahabuna gaya hirup "american style" di rengrengan
rumaja di Kota Bandung. Aya untungna oge boga babaturan anu sok gaul (bari
jeung teu kudu kabawa palid) di lingkungan kahirupan dugem (dunia gemerlap)
Kota Bandung teh, eta mindeng meunang laporan atawa reportase haratisan
sabudeureun kahirupan rumaja di Kota Bandung anu lolobana mah geus sakitu
pikamelangeunana.
Poe Juma'ah kasorenakeun kaparengkeun si kuring bisa babarengan jeung
manehna katut adina lalampahan ka Ciwidey ngiangkeun dagangan konsumsi
perkebunan teh di ditu. Dina sela-sela obrolan ngeunaan prospek dagangan,"
kacaletot" oge ieu dua kanca balantik teh ngadongengkeun pangalamanana
panggih jeung anggota scaab di BIP. Kieu yeuh ringkesna ieu dongeng inyana
teh:
Harita teh, cenah, inyana keur dungang-dangong di BIP ngabuburit (harita
bulan puasa), teu lila aya anu nyampeurkeun lalaki tangtungan bodigar
(bodyguard). Ieu bodigar teh ngajakan diuk dina bangku waralaba kadaharan
anu neba di BIP. "Dagoan di dieu, aya anu arek ngajakan bisnis", cenah ceuk
si bodigar satengah maksa bari tuluy mangmesenkeun softdrink keur inyana.
Inyana, kanca kuring anu dicaritakeun ieu, nya ngelehan, daek nuturkeun
kahayang si bodigar. Sanggeus diuk bari nyanghareupan softdrink pesenan si
bodigar, teu lila aya dua lalaki, tangtunganana sarua jeung si bodigar,
jangkung gede, pakeanana ala preman, ngajanteng kenca katuhueun inyana siga
anu ngawal jeung mastikeun sangkan ieu kanca kuring teh teu ingkah. Anapon
si bodigar ngaleos indit ngajugjug hiji mobil anu diparkir di kompleks BIP.
Karek sajongjonan inyana diuk-softdrink mah teu diinum da keur
puasa-torojol si bodigar teh datang deui bari dituturkeun ku hiji abg umur
smp kelas tilu atawa jauhna sma kelas hijian. Si wanoja teh tuluy ngagabung,
diuk hareupeun inyana bari pesen inumeun. Teu lila, sanggeus wawawuhan
alakadarna, tuluy bae ieu abg teh ngobrol. Nya kagok asong sobat kuring teh,
ari sakalieun ngobrol mah dilayanan bae. Tina obrolan kapanggih ieu abg teh
karek kelas hiji sma di salah sahiji sma swasta di Kota Bandung (anu mindeng
meunang beja soal scaab mah tangtu apal, kira-kira sma mana anu dimaksud
teh). Ieu abg oge nyaritakeun kahirupan scaab di sakolana jeung slta-slta
sejen di Kota Bandung. Ngan, lain scaab cenah istilah manehna pikeun laku nu
dipilampah ku dirina jeung batur-baturna teh, balikta gaya hirup "american
style". "Di sakola kuring jeung di lingkungan campur gaul kuring, american
style teh jadi hiji kareueus, lamun aya babaturan anu masih parawan eta
hartina teu gaul", ceuk babaturan kuring ieu malikan ucapan si abg waktu
manehna nyarita dina panglawungan di BIP anu keur dicaritakeun.
Teu lila riungan inyana jeung abg katut para pangawalna teh bubar
kulantaran babaturan kuring ieu nolak pangajak abg. Enya, si abg teh dina
tungtung obrolanana ngajaka inyana ka hotel. "Teu kudu salempang ku biaya,
da teu mahal ieuh", cenah ceuk si abg ka inyana teu kireum-kireum. Aya
kahariwang ki sobat waktu inyana mireungeuh para bodigar nyi abg siga anu
satengah maksa. Nya antukna sobat kuring teh gura-giru muru mobilna bari
terus ngabiur ninggalkeun BIP.
------
Baraya scaab atawa american style di Kota Bandung sakitu matak
pikahariwangeunana. Lain bae nuduhkeun laku lampah para abg (wanoja) anu
geus teu nolih ajen-inajen moral (murid sakola, bulan puasa, ngangajak
lalaki anu lain muhrimna ka hotel, mangga emutkeun), oga aya kacondongan anu
leuwih pikapaureun: kahirupan scaab teh aya organisasina, aya mucikarina
lengkep jeung bodigarna.
Tina obrolan babaturan saterusna, aya info, yen cenah di rengrengan anu
resep kana model scaab ieu, geus dipikawanoh sababaraha sakola (sma) jeung
paguron luhur (pl) salaku gudangna scaab. Malah aya album - siga album
sampel kaen di tukang konveksi - anu patalepa sumebar di antara maranehna.
Dina album teh lengkep ngaran, umur, ukuran awak (lengkep jeung
bagean-bagean awakna anu sakuduna mah dirahasiahkeun), karesep, asal muasal,
alamat kontak, jsb, jeung tangtu bae fotona (tangtuna oge lain foto satengah
badan-ka luhur - hehehe, teuing ari satengah badan kahandap mah, da tacan
kungsi ngilikan). Duh Gusti......karunya teuing makhluk Gusti anu sakuduna
mah ngarupakeun manifestasi tina sifat/asma Gusti anu pangkuatna-feminisme,
indung, atawa jamaliyah- ari ieu didadagangkeun siga kaen, "sampel"-na
patalepa di jajaran si "hidung belang".
Nurutkeun info ti ki sobat tadi, kapanggih oge (sabagean tina) asal muasal
nerekabna scaab di Kota Bandung. Ceuk inyana dumasar pangalaman jeung carita
babaturanana, laku lampah scaab teh asalna ti pendatang atawa seler sejen
anu ngumbara di Kota Bandung. Dina patengahan bulan, anu ngumbara-umumna anu
sakola-di Bandung teh lolobana kakurangan beaya hirup. Keuna di abg atawa
rumaja siswa pl, kaayan kieu teh nya ditarekahan ku cara jadi anggota scaab
tea. Kumaha ari wanoja Sunda? Kusabab campur gaul, nya kabawakeun oge,
nurutan jadi scaab. Ngan, bedana, ari wanoja seler sejen mah ancrub jadi
scaab teh bener-bener aya faktor keur nalangan kasusah hirup sakola di
pangumbaraan, ari urang Bandung atawa TS mah ukur keur kasenangan.
Emhh...kacida....matak karunya.
Asal muasalna pisan, ceuk ki sobat neruskeun, anu alancrub kana laku scaab
teh tina campur gaul di tempat nganjrekna (kost-kostan) jeung lingkungan
kampusna. Mimitina mah kacolongan kaparawanan atawa katipu atawa kaolo ku
babaturanana anu antukna jadi kagok baseuh. Bisa oge kaleungitan gede
mahkotana teh dimimitian di tempat scaab kusabab kaolo ku babaturan tepi ka
daek datang ka tempat anu kararitu. "Ayeuna mah ulah diingkeun teu
dilongokan budak atawa kulawarga bapa anu indekost teh, ulah sakali-sakali
wanoja kulawarga urang indekos di tempat anu campur jeung lalaki atawa di
tempat-tempat kost anu gaulna moderen, jeung lamun bisa nyakolakeun budak
teh kudu milih, ulah asal sma atawa paguron bae", kitu ceuk ki sobat nutup
caritana. Kajeun ti nu leuih ngora oge nasehat teh, diregepkeun pisan da
memang bener.
Gusti.......mugi Gusti nyalindungan para rumaja urang oge di sakuliah
dunya, tina laku kabawa ku sakaba-kaba (Kang Akos: tetela "juragan"
sakaba-kaba teh kacida jahatna :))- heureuy ieu mah).
Baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise