logo       

Pusaka Sunda Edisi Dokumenter Siap Diproduksi: msg#00318

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Pusaka Sunda Edisi Dokumenter Siap Diproduksi

Baraya,

Garapan digitalisasi Pusaka Sunda (PS) pikeun edisi
munggaran geus rengse. Ieu edisi dijudulan "PS Edisi
Dokumenter". Sabab eusina estu sacerewelena taya nu
dirobah, boh ejaan, format tulisan, kitu deui
tataletakna. Ngan pedah mediana jadi media digital,
sakabeh terbitan diwangun dina berkas PDF. Ieu edisi
ayeuna geus jadi hiji CD, eusina kira-kira 200MB.
Upama ku KUSnet rek digandakeun, pek wae, engke ku
kuring dikirim masterna. Ngan peupeujeuh, ulah menta
digandakeun ku kuring, danget ieu keur riweuh.

Ieu edisi rada aya masalah upama di-online-keun. Sabab
gede teuing, bisi moal kabayar biaya sewa hosting-na.
Pikeun edisi online mah, jiga nu dipedar ti heula,
urang migunakeun PS edisi popular nu keur
ditranskripsi ulang tea. Sabab upama geus
ditranskripsi ulang, moal gede teuing merlukeun
rohanganana.

Ninggali eusina, ceuk itungan kuring payus dipiboga ku
sakumna urang Sunda. Upama tea mah nepi ka hatam maca
PS, Insya Allah urang baris boga gambaran nu rada
jelas, jiga kumaha dedegan Urang Sunda teh.

Pikeun gambaran, dina ieu serelek dilampirkeun paparan
eusining CD PS tea. Ngan ieu paparan teu ngamuat
berkas PDF-na, da gede teuing.

Salam,
MH

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]



____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs


[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise