logo       

Re: [Urang Sunda] DI demo: msg#00311

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: [Urang Sunda] DI demo

PT. DI jeung karyawan anu daremo eta korban ngimpi teknokrat Indonesia
dikendangan ku sistem korupsi jeung pangawasan anggaran pamarentah anu teu
baleg. PT. DI anu ngarupakeun metamorfosis tina PT. Nurtanio tadina
dijagokeun salaku pusat industri pinuh ku teknologi tinggi bari - kusabab
pamarentah teu boga duit - dana anu digunakeun keur ngabeayaanana sawareh
make dana reboisasi leuweung urang.
Kusabab managemen ieu pausahaan masih keneh kahieuman ku usum KKN, bari
industri dadasarna cang ajeg nangtung, antukna PT. DI jadi samar polah.
Kungsi kacaritakeun, di PT. DI aya biangna usaha fiktif multilevel marketing
anu teu rasional anu ngadadagangkeun "separangkat" alat sholat (hehehe, siga
maskawin anu ilahar kapanggih sapopoe). Loba korban tina ieu usaha fiktif
anu teu rasional, malah anu jaradi gelo oge teu saeutik. Teu wani ari nuduh
sabagean tina hasil panipuan dana masyarakat anu milyaran dipake keur nutup
hutang PT. DI mah, sabab teu boga bukti.
Ku sabab geus sakitu beuratna bangbaluh soal dana di PT. DI, nya managemen
teh teu mangga pulia. Solusina? khas di nagara korban KKN : PHK bari jeung
teu jelas upahna (imbalanana). Anu ngari: leuweung tambah rusak, urut
karyawan teu weleh ngoceak, demo terus teuing rek nepi ka iraha. Kasus PT.
DI atawa industri anu ngajleng estuning pinuh ku pieunteungeun.
baktos,
manAR


On 7/21/05, Hepi <hepi@xxxxxxxxx> wrote:
>
> Aya ku gigih eta karyawan DI (dirgantara indonesia), bulak balik bandung
> jakarta merjuangkeun hirup huripna
> tapi muji oge ku sabar jeung teu anarkis deuih, sakitu abring abringan,
> tara kacaritakeun ngaruksak atawa nyieun onar
> kamari peuting di tingali di metro tv keur ngalampar di jalan, bari
> ngarobrol, sawareh deui tahlilan, cape meureun saanggeus demo, asa keuheul
> kuring ka meneg bumn soegiharto, cik atuh panggihan sakeudeung mah ,
> dengekeun naon kahayang DI teh, teangan jalan kaluar na
> Salabar pisan sigana teh, sakitu nu di tepungan teu daek manggihan ge...
> kalahka tahlil jeung solawat, teu katingali gogorowokan bari meureupan
> leungeun kumaha we ilaharna nu demo
> Sok di jurung du'a lah.. sing hasil pamaksudan teh
> -Kang Hepi-
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
>
>
>
> ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
> - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>"
> on the web.
> - To unsubscribe from this group, send an email to:
>
> urangsunda-unsubscribe@xxxxxxxxxxxxxxx<urangsunda-unsubscribe@xxxxxxxxxxxxxxx?subject=Unsubscribe>
> - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
> Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
>
>
> ------------------------------
>


[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise