|
Re: dongeng acong: msg#00295culture.region.indonesia.sunda
Haturan baraya saalam maya, Kang Stw, Kamari info IBM tea dicek deui, sigana mah akurat infona Kang. Divisi PC IBM enyaan geus dilesotkeun. Ayeuna teh geus milik China. Tapi ari ngaran biru tea mah teu dijual, kusabab kitu ayeuna make ngaran China tea, da geus 100% milik C. Perkara aturan joint venture di C, enyaan kudu siga kitu pamarentah teh. Ngatur sing baleg sangkan posisi ekonomi bangsana menyat. Strategi siga kieu kuduna mah di IND oge diterapkeun. Contona, apan loba bank lokal anu geus dibeuli ku pihak luar, teu kacaturkeun aya kawijakan husus anu meungkeut ieu pihak sangkan milu ngamajukeun rahayat. Aeh ketah, meureun kuring we anu teu nyaho... Cik urang bank, kumaha tah... sigana mah aya oge ieu kawijakan? Baktos, Rahman, Wassenaar/NL __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea |
|
| <Prev in Thread] | Current Thread | [Next in Thread> |
|---|---|---|
| Previous by Date: | Re: pamit heula: 00295, Dewina S |
|---|---|
| Next by Date: | Re: pamit heula: 00295, Rahman |
| Previous by Thread: | Re: dongeng acongi: 00295, Setiawan |
| Next by Thread: | Re: dongeng acong: 00295, Rahman |
| Indexes: | [Date] [Thread] [Top] [All Lists] |
| News | FAQ | advertise |