logo       

paguyuban pasundan: pangeling-ngeling: msg#00293

culture.region.indonesia.sunda

Subject: paguyuban pasundan: pangeling-ngeling

Salam,

Mun teu salah, dina tangga ayeuna, 92 taun ka tukang (20 Juli 1913), di
bumina DK Ardiwinata di wewengkon Gg. Paseban-Weltevreden (Salemba kiwari),
geus borojol hiji organisasi nu dingaranan Paguyuban Pasundan. Anu boga
pokal, di antarana para nonoman siswa STOVIA urang Sunda, kayaning Dayat
Hidayat, Jungjunan, Asikin, Kusuma Sujana, jeung Iskandar (lain kuring). Anu
sumping dina gempungan nu ngagelarkeun eta paguyuban, ceuk cenah seueur
jalmi ti sababaraha profesi, malah kaom istri ti Bogor ge teu tinggaleun.

Naon anu jadi sabab nepi ka kudu ngadamel organisasi eta? Kieu kasauran
Dayat Hidayat:
"Dupi anu jadi lulugu nyaeta wirehing ngemutkeun bangsa Sunda kacida pisan
katilarna tina bab kamajengan ku bangsa sanes, sumawonten ku bangsa Jawa
mah, nu ti kapungkurna oge parantos tebih pisan nilarna ka urang Sunda,
dalah ku urang Malayu nu teu acan sakumaha lamina ngudagna kana kamajengan,
ayeuna urang SUnda parantos kenging disebutkeun keselek, tawisna murid di
sakola Doktor danget ieu urang Sundana mung aya 10, dupi urang Malayu mah
sumawonten urang Jawa mah parantos pirang-pirang. Nyakitu deui di
sakola-sakola sanes urang Jawa sareng urang Malayu henteu kawon seueurna ku
urang Sunda. Anu ka nagri Walanda mah urang Sunda kenging keneh dibilang,
dupi urang Malayu sok sumawonten nu kiat mayar ongkosna, dalah nu henteu oge
cek paripaos dibelaan kuli-kuli, merlukeun ka nagri Walanda ku suhud nyiar
kapinteran. Menggah ku emutan, upami urang Sunda cicingeun bae, daek-daek ka
payuna hayang nyepeng padamelan oge hese, kakawonkeun ku bangsa sanes.
Buktina ayeuna parantos sababaraha hiji urang Jawa saerng urang Malayu nu
nyepeng damel di tanah Pasundan, dupi urang Sunda mah meh teu aya bae nu
tiasa jeneng di nagara deungeun."

Dina "Papaes Nonoman", kalawarta nu jadi corong Paguyuban Pasundan, patali
jeung mangsa harita nu beuki harengheng alatan gelebug obahna jaman, kungsi
aya nu nulis kieu,
"Ieuh! Urang Sunda! ... urang milu kana hal pulitik teh, ... lain pisan
kahadean urang, tapi... kawajiban urang, ..."


wassalaam,

jk


[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise