|
Re: basa Sunda jadi matapelajaran wajib: msg#00283culture.region.indonesia.sunda
Ngiringan ah..... pribados Kang Andi Tea anu ti bogor nun.............sapagodos sim kuring kana pamadegan ki adi, margi ari BS teh salah sawios basa anu ngagaduhan undak undukna basa upami di sajajarkeun sami sareng basa Arab sareng cina saurna ...teh margi kieu gera para wargi : Bahasa indonesia : Bapak sedang makan, anaknya sedang makan dan anjingnya sedang makan .......cindekna teu aya anu ngabentenkeun pan....cobi galih..ieu... BS : Bapak nuju neda, putrana nuju emam sareng anjingna nuju nyatuan.........cindekna aya pangbenten pan, sami basa jawa oge ..kitu manawi. Sok pilarian conto anu sanesna, kumargi kitu aya sababaraha paguron di jawa barat saupami ngajar santrina nganggo basa pangdeudeul basa sunda atanapi basa jawa.............sakitu heula we ah nimbrungna ...baktos ...kang andi On Mon, 18 Jul 2005 23:41:44 -0700 (PDT) Rahman <rsyaifoel@xxxxxxxxx> wrote: > Baraya di mayapada, wilujeng wayah kieu... > > Kang Saryo, > > Ari ceuk kuring mah, BS teh kudu sina dipake deui ku > balarea. Lain ngan saukur jadi pelajaran wajib. Piraku > basa indung sorangan ngan saukur dijadikeun bahan ajar > wungkul? Idealna mah BI anu jadi bahan ajar wajib, > sabab eta teh basa nasional tea. Ti SMP ka luhur, prak > we make BI. Anu jadi alesan kuring mah kieu: perlu > pisan nyieun pondasi anu kuat dina sistem ajar. Lamun > make basa indung mah apan barudak ge ngartina 100% > geura. Lamun pondasina labil, engke kaluhurna bakal > ripuh. Ieu teh lain keur BS wungkul, keur kabeh basa > di dunya sigana mah. > > Lamun BS jadi basa panganteur, input na bakal > ngabeungharkeun BS. Bakal loba bahan ajar dina BS. Aya > tapak na Kang, baheula mah kuring di sakola teh kungsi > nepi ka kelas 3 SD make panganteur dina BS. > > > > > Baktos, > > Rahman, Wassenaar/NL > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection >around > http://mail.yahoo.com > > > Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea > Yahoo! Groups Links > > > > > > ======================================================================================== Dapatkan kemudahan layanan Mobile Email dari VENTUS untuk Personal, VENTUS Easy. Klik http://easy.ventusmobile.com ======================================================================================== Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea |
|
| <Prev in Thread] | Current Thread | [Next in Thread> |
|---|---|---|
| Previous by Date: | Re: Tos lami teu nganggo bhs Sunda: 00283, Dede Ruhiyat |
|---|---|
| Next by Date: | dongeng acong: 00283, Setiawan |
| Previous by Thread: | Re: basa Sunda jadi matapelajaran wajibi: 00283, Rahman |
| Next by Thread: | aksara Sunda deui: 00283, Rahman |
| Indexes: | [Date] [Thread] [Top] [All Lists] |
| News | FAQ | advertise |