|
Re: Tos lami teu nganggo bhs Sunda: msg#00282culture.region.indonesia.sunda
Haturan baraya, Satuju pisan rek kasar rek lemes nu penting mah prung urang ngamumule BS. Sim kuring sok inget kana pangalaman sim kuring basa pakansi ti payun di lembur. mani hookeun geuning ayeuna mah teu pira aya nu keur ngaruruan budak dina pancuran,naha da indungna teh papatah ka budak mani make basa malayu sagala ari pok na teh "abis mandi jangan main lagi yah..belajar".Dina jero hate aya ku gaya. Sakapeung sim kuring ari nyalukan budak ge sok "bebenyit gera arampih geus magrib". sakieu heula Rahman <rsyaifoel@xxxxxxxxx> wrote: Haturan Kang Sonne, Punten ngareureuwas atuh, puguh kuring teh boga kahayang nyieun forum siga kieu keur US di mana mendi sangkan bisa deui komunikasi dina basa indungna. Kaci lah ngobrolkeun naon oge; ngomongkeun mitoha misalna he he he. Anu penting mah, urang balarea tiasa make deui basa indung Kang. Rek halus, rek kasar, rek bengkok, rek bengkung... tong dijantenkeun masalah Kang. Prak bae baceo he he he. Kuring ge sareng baraya nu sanesna keur dialajar ieuh. Aeh enya, nepangkeun oge. Kuring Rahman ti Sukabumi. Nyangsang di Wassenaar, NL tos mang puluh2 taun. Perkawis stiker NL, seeur di dieu mah. Ngan kanggo naon make stiker NL Kang? Di dieu teh eta akronim teh sok dihartikeun lain, sanes "Nederland" tapi jadi "Niet Lopen"="Tong Leumpang", kusabab loba teuing mobil puguh he he he. Baktos, Rahman, Wassenaar/NL ____________________________________________________ Start your day with Yahoo! - make it your home page http://www.yahoo.com/r/hs Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "Baraya_Sunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: Baraya_Sunda-unsubscribe@xxxxxxxxxxxxxxx Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed] Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea |
|
| <Prev in Thread] | Current Thread | [Next in Thread> |
|---|---|---|
| Previous by Date: | Re: Re: bio- Abdus Salam: 00282, Rahman |
|---|---|
| Next by Date: | Re: basa Sunda jadi matapelajaran wajib: 00282, andi awaludin |
| Previous by Thread: | Re: Tos lami teu nganggo bhs Sundai: 00282, Rahman |
| Next by Thread: | Re: Tos lami teu nganggo bhs Sunda (borongan): 00282, Rahman |
| Indexes: | [Date] [Thread] [Top] [All Lists] |
| News | FAQ | advertise |