logo       

Re: bio- Abdus Salam: msg#00279

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: bio- Abdus Salam

Nuhun kang Rahman informasina. Soal Ahmadiyah di Indonesia jigana teh
bakal kapapanjangan. Sabab jamaat Ahmadiyah ngadu ka pangadilan
nganggo Adnan Buyung Nasution, kitu deui jeung anu anti nyuhungkeun
Ahmadiyah dlarang ka pamarentah. Dina TV peuting anu anti Ahmadiyah
marake Jubah jeung umumna warga katurunan Timur Tengah ( urang Arab
katurunan). Ceuk maranehna Akhmadiyah sesat contona cenah Mirza Ghulam
Akhmad meunang wahyu dina Basa Urdu jeung Inggris padahal ari Al
Qur'an mah pan dina Basa Arab.

Bari mencrong kana TV, ingetan kuring ngalayang ka obrolan jeung
babaturan, kamari di hotel basa di Atambua. Babaturan teh lila cicing
di Amerika, aya kana 14 taunna. Manehna jadi aktivitis masjid waktu di
AMerikana. Manehna nyaritakeun waktu aya diskusi soal khilafah
Islmaiyah, urang Arab nyeuleungkeung, lamun khilafah Islamiyah ngadeg,
nu mimpin kudu urang ARab, sabab Nabi urang Arab jeung Al Qur'an oge
dina Basa Arab. Urang Pakistan henteu tarima, jadi patorong-torong,
tepi ka rek gelut, geus silih cekel taktak. Untung disarapih. Dongeng
batur kuring teh asa nyambung jeung kasus Akhamdiyah di Indonesia.
Mirza Ghulam Akhmad teh apan Urang Pakistan jeung nu ngademo
AKhamdiyah, para pamingpinna geuning loba katurunan Arab!.

Bari ngusap beungeut, kuring gancangan istigfar .......naha boga
pikiran suudzon kitu, nganggap masalah demo anti akhmadiyah, masalah
rasis ......


Baktos,
WALUYA


--- In Baraya_Sunda@xxxxxxxxxxxxxxx, Rahman <rsyaifoel@xxxx> wrote:
>
> Kang Wly,
>
> Geuning enyaan aya link jeung Ahmadiyah kang Abdus
> teh. Mangga tingalian:
>
> http://www.alislam.org/library/salam.html
>
> Baktos,
>
> Rahman, Wassenaar/NL
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com




Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise