logo       

Re: Tos lami teu nganggo bhs Sunda: msg#00276

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: Tos lami teu nganggo bhs Sunda

Haturan Kang Sonne,

Punten ngareureuwas atuh, puguh kuring teh boga
kahayang nyieun forum siga kieu keur US di mana mendi
sangkan bisa deui komunikasi dina basa indungna. Kaci
lah ngobrolkeun naon oge; ngomongkeun mitoha misalna
he he he.

Anu penting mah, urang balarea tiasa make deui basa
indung Kang. Rek halus, rek kasar, rek bengkok, rek
bengkung... tong dijantenkeun masalah Kang. Prak bae
baceo he he he. Kuring ge sareng baraya nu sanesna
keur dialajar ieuh.

Aeh enya, nepangkeun oge. Kuring Rahman ti Sukabumi.
Nyangsang di Wassenaar, NL tos mang puluh2 taun.

Perkawis stiker NL, seeur di dieu mah. Ngan kanggo
naon make stiker NL Kang? Di dieu teh eta akronim teh
sok dihartikeun lain, sanes "Nederland" tapi jadi
"Niet Lopen"="Tong Leumpang", kusabab loba teuing
mobil puguh he he he.


Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL



____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise