logo       

Re: basa Sunda jadi matapelajaran wajib: msg#00275

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: basa Sunda jadi matapelajaran wajib

Baraya di mayapada, wilujeng wayah kieu...

Kang Saryo,

Ari ceuk kuring mah, BS teh kudu sina dipake deui ku
balarea. Lain ngan saukur jadi pelajaran wajib. Piraku
basa indung sorangan ngan saukur dijadikeun bahan ajar
wungkul? Idealna mah BI anu jadi bahan ajar wajib,
sabab eta teh basa nasional tea. Ti SMP ka luhur, prak
we make BI. Anu jadi alesan kuring mah kieu: perlu
pisan nyieun pondasi anu kuat dina sistem ajar. Lamun
make basa indung mah apan barudak ge ngartina 100%
geura. Lamun pondasina labil, engke kaluhurna bakal
ripuh. Ieu teh lain keur BS wungkul, keur kabeh basa
di dunya sigana mah.

Lamun BS jadi basa panganteur, input na bakal
ngabeungharkeun BS. Bakal loba bahan ajar dina BS. Aya
tapak na Kang, baheula mah kuring di sakola teh kungsi
nepi ka kelas 3 SD make panganteur dina BS.




Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise