|
Leuweung Ruksak, Cai Beak, Manusa Balangsak (1): msg#00268culture.region.indonesia.sunda
Baraya saalam dunya, Kaayaan leuweung di Tatar Sunda dina danget ieu kacida matak pikahariwangeunana. Numutkeun data anu aya (anu diragukeun), legana leuweung di TS teh masih nyesa kl. 791,512 ha atawa 22% tina legana sarakan Jabar sagemblengna (lsjs), sedengkeun nuturkeun data satelit, legana leuweung urang teh ukur nyesa 9% ti lsjs. Padahal, Perda ngeunaan tata ruang Jabar geus nangtukeun yen legana leuweung di Jabar kuduna 45% tina lsjs. Ebreh ka urang sarerea, kumaha hapana (B.Ind: mandulnya) ieu aturan tata ruang di Jabar. Atawa, karuksakan bin alih fungsi leuweung diantep bae, henteu dipalire. Hal ieu kacida bahayana, sabab leuweung teh sarua jeung sumber kahiripan. Ceuk DPLKTS (Dewan Pemerhati Lingkungan dan Kehutanan Tatar Sunda) tea mah: "Leuweung Ruksak, Cai Beak, Manusa Balangsak" ("No Forest, No Water, No Feature"). Kasadaran kana ajen leuweung anu ebreh dina jargon "Leuweung Ruksak, Cai Beak, Manusa Balangsak (tina "No Forest, No Water, No Feature"), di TS satemenna geus diingetkeun ku luluhur urang sarerea ti beh ditu keneh. Sanghiyang Siksa Kandang Ng Karesian (SSKNK) , naskah kuno Sunda anu ditulis dina jero kl abad 15 M (Jaman Pajajaran, Sri Baduga Maharaja) geus netelakeun konsep Kabuyutan, anu dina jero ieu Kabuyutan teh, sakumaha ceuk parasasti Citatih, kl abad 10 M, ngawengku oge leuweung. Dina SSKNK disebutkeun, yen sing saha bae putera raja (ayeuna mah: pamarentah jeung sakabeh masyarakat) anu henteu bisa miara Kabuyutan eta leuwih hina tinimbang kulit lasun (sabangsa careuh/musang) anu aya dina jarian (tempat runtah)". Cutatan tina SSKNK jeung prasasti-prasasti ngeunaan kabuyutan geus mindeng pisan dipedar di ieu milist. Alhamdulillah, sanajan karuksakan leuweung Jabar ayeuna geus sakitu pikamelangeunana, dangiang karuhun anu sakitu geus iatna ngeunaan perluna miara leuweung ayeuna siga anu nitis, minimal ka sagolongan inohong, nonoman, jeung masyarakat US. Nyanghareupan kaayaan leuweung urang anu sarupa kitu, US henteu cicingeun. Geus ti simet 5 taunan katukang, sagolongan inohong-inohong US anu sadar kana bahayana kahirupan upama leuweung urang beak geus bajoang ngagunakeun sagala cara anu halal pikeun malikkeun deui kaayaan leuweung urang. Anu jadi udagan, luyu jeung aturan tata ruang, nya sakurang-kurangna ngawujudkeun cita-cita: leuweung Jabar (dina wangun kawasan lindung) kudu aya saeutikna 45% tina lsjs (kusabab kitu kaharti upama ieu kelompok nyebutkeun dirina salaku kelomok kawasan lindung 45% disingget: KL 45). Ieu bajoangan teh danget ieu geus nepi kana ngararancang draft Perda Jabar ngeunaan KL 45% anu dijerona ngandung konsep-konsep ngokolakeun leuweung nuturkeun budaya lokal. Bajoangna KL 45 lumayan meunang pangrojong anu gede ti masyarakat jeung "sabagean" pamarentahan. Ti masyarakat, rupa-rupa LSM kasundaan (upamana bae: Gerakan Pemuda Pajajaran, Bandung Spirit, DPLKTS, Sundanet.com/KUSnet<http://Sundanet.com/KUSnet>, jrrd), asosiasi-asiasi pecinta lingkungan, pausahaan widang pariwisata, jeung koperasi-koperasi anu ngokolakeun leuweung. Ti pamarentahan anu kalintang bentes ngabela KL 45 ieu nyaeta: BPLHD (utamana, kersana Kang Iwan Wangsaatmaja + Kang Ade Suhanda). Sababaraha panalungtikan naskah akademik ngeunaan leuweung, tutuwuhan jeung kahirupan anu gumantung kana leuweung ceuk budaya TS lumayan geus dihasilkeun ku ieu kelompok. Draft Perda Kawasan Lindung anu jadi tandingan Perda sarupa versi pamarentah anu bisa jadi hiji preseden hade ngeunaan Perda anu dirumuskeun ku masyarakat, danget ieu ampir rampung jeung keur aya dina hambalan gogodogan anu akhir. Akhir Juli taun ieu dipiharep ieu Perda rumusan KL 45 geus bisa disosialisasikeun. Cag heula. Kahareup muga pareng ngaguar raft Perda KL versi KL 45 keur bahan sosialisasikeuneun. Anu jadi panggero, taya lian ti neda pangrojong ti sadayana, sangkan ieu Perda jeung "action" saterusna dina raraga ngahontal KL 45%, jembarna kajagana kabuyutan urang anu mangrupa leuweung bisa kawujudkeun. Teu aya sanes, sangkan ulah kajadian: leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak. Baktos, manAR [Non-text portions of this message have been removed] Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea |
|
| <Prev in Thread] | Current Thread | [Next in Thread> |
|---|---|---|
| Previous by Date: | aksara Sunda deui: 00268, Rahman |
|---|---|
| Next by Date: | Re: basa Sunda jadi matapelajaran wajib: 00268, sar yo |
| Previous by Thread: | aksara Sunda deuii: 00268, Rahman |
| Next by Thread: | Re: [Urang Sunda] NyuhunKeun Hartosna ( Ha-Na-Ca-Ra-Ka-Da-Ta-Sa-Wa-La ): 00268, oman abdurahman |
| Indexes: | [Date] [Thread] [Top] [All Lists] |
| News | FAQ | advertise |