logo       

Re: Judi?: msg#00219

culture.region.indonesia.sunda

Subject: Re: Judi?

Leuh... kieu ari ngobrolkeun numpes judi jeung tukang judi teh, hehe... Kang
Rahman teh rek ngajak ngabasmi judi atawa rek ngajak judi? heuheuheu...

Simkuring mah keukeuh, yen masalah gede di urang teh nyaeta teu nanjeurna
hukum kalawan bener... Najan para 'bobotoh' sare'at Islam sok nyarita, "Rek
baleg kumaha atuh nagara teh, da diaturna ge lain ku hukum Alloh!",
simkuring mah yakin sacara umum yen masalah-masalah kamasarakatan bisa
diperuhkeun ku nanjeurna hukum. Nanjeurna hukum, nya gumantung ka
urang-urang deui. Mun aparatna geus rada baleg, tapi rahayatna bareuki
nyogok, nya burakrakan deui, burakrakan deui..

Cing, di dieu aya teu nu sok nyogok mun ditilang pulisi? Kade ah, ulah
dipiara, panyakit. Ari kuring onaman, turangga nu aya mesinan ge can boga,
jadi teu ieuh sieun ditilang, hehe...

jk

On 7/15/05, Rahman <rsyaifoel@xxxxxxxxx> wrote:
>
> Cik, aya jalan nu sejen na henteu? Sigana mah kudu aya
> jalan tengah nya. Sabab lamun diniatan ngabasmi 100%
> mah kuring yakin moal kahontal. Daek taruhan lah!


[Non-text portions of this message have been removed]



Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea


<Prev in Thread] Current Thread [Next in Thread>
Google Custom Search

News | FAQ | advertise